BAHASA DAN BUDAYA SUNDA PASCA PAJAJARAN
Unsur-unsur Kabudayaan
Koentjaraningrat dina Rusdiana (2008: 30) nétélakeun yén
unsur-unsur kabudayaan miboga sipat universal. Hartina, unsur éta téh nyampak
jeung bisa dipaluruh dina kabudayaan bangsa mana baé. Anapon unsur-unsur budaya
nya éta:
1) peralatan atawa
pakakas hirup manusa (sandang, papan, pakakas dapur, pakarang, alat produksi,
transportasi, jsb.),
2) pakasaban jeung
sistem ékonomi (pertanian, peternakan, sistem produksi, sistem distribusi),
3) sistem organisasi atawa
kamasarkatan (sistem kekerebatan, organisasi politik,
sistem hukum, sistem perkawinan, jsb),
4) sistem basa, unggal
masarakat di dunya dina interaksi sosialna moal leupas
tina basa boh sacara
lisan boh tulisan;
5) kasenian, pikeun ngébréhkeun rasa éndah, gumbira, sedih, bisa
diwujudkeun dina wangun seni, bisa mangrupa seni gerak, seni rupa, sastra, seni
tari, seni pahat, jsté.
6) sistem élmu pangaweruh, pikeun ngaronjatkeun ajén kahirupan di masarakat, bangsa,
jeung nagara, unggal jalma kudu miboga élmu pangaweruh; jeung
7) sistem réligi jeung
kapercayaan, unggal masarakat di
dunya, ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan pikeun cecekelan hirupna, pon
kitu deui masarakat Sunda. Ti jaman karuhun nepi kiwari masih kénéh aya anu
ngagem pangaruh alam mistik.
Sakabéh unsur anu geus ditataan di luhur téh,
ngajanggélék dina wangun budaya anu tilu, nya éta mangrupa wujud ideal, sistem
budaya nu mangrupa sistem sosial, jeung anu mangrupa unsur-unsur budaya dina
wangun pisik.
Bahasa dan Budaya Sunda Pasca Pajajaran
Sanggeus runtuhna karajaan pajajaran dina
abad ka 16 ngakibatkeun di tatar sunda leungiteun sentra kabudayaan jeung
kakuasaan. Memang dina silsilah Banten jeung Cirebon masih bisa dianggap
tuturus raja-raja Sunda, tapi teu cukup kuat pikeun bisa disebut bisa
ngawakilan entitas Pajajaran. Padahal disajeroeun abad-abad sejen, Banten jeung
Cirebon dianggep sekutu jeung sajajar jeung Mataram.
Pikeun ngajadikeun diri jadi sentra kakuasaan
di tatar sunda paling henteu geus dilakukeun ku Banten jeung Cirebon ku
ngaboyong symbol-simbol Pajajaran. Misalna Banten ngaboyong batu batu “Palangka
Sriman Sriwacana” ka Sorasowan, kitu
deui Cirebon. Tapi para panguasa parahyangan leuwih milih Sumedanglarang.
Symbol puseur budaya pasundan pindah ka
sumedanglarang. Nalika Jayaperkasa jeung tilu sodarana, para veteran prajurit
Pajajaran nyerenkeun Kandage Lante ( symbol kakuasaan Raja Pajajaran) anu
sempet disalametkeun ku Prabu Geusan Ulun
( ayeuna disimpen di museum geusan ulun). Ku diserahkeuna Kandage Lante
Pajajaran sacara praktis Karajaan Sumedanglarang jadi lega. Kusabab ngawarisan
sisa-sisa wilayah Pajajaran. Anu jadi tanda Tanya ayeuna, naon sababna Kandage
Lante eta teu diserahkeun ka Pangeran
Santri, bapana Geusan Ulun sarta naha Jayaperkasa jeung dulur-dulurna milih
Geusan Ulun nu jadi panerus tahta Pajajaran.
Ngeunaan luas wilayah Geusan Ulun samemeh
nyerahkeun Kandage Lante eta loba diacu tina sumber surat Pangeran Rangga
Gempol III ka Gubernur Jendral Belanda dina tanggal 4 Desember 1691 M. ditulis
dina buku harian VOC dina tanggal n31 Januari 1961 M. eusi surat eta
ngajelaskeun,yen Sumedang dina jaman Geusan Ulun ngabawahkeun 44 pangawasa daerah anu terdiri
tina 26 Kandage Lante jeung 18 umbul-umbul.
Pustaka kertabhumi satengah m,ere nyaho:
“Geusan Ulun nyakrawartti manadala ning
Pajajaran kangwus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan
ratu Sumedang haneng Kutamaya ri Sumedanglarang” (Geusan Ulun memerintah
wilayah Pajajaran yang telah runtuh, yaitu sirna, di bumi Parahyangan. Keraton
raja Sumedang ini terletak di Kutamaya dalam daerah Sumedang). “Rakyan
Sumanteng Parahyangan managstungkara ring sirna Pangeran Geusan Ulun” (para
penguasa di Parahyangan merestui Pangweran Geusan Ulun).
Nalika penobatan Geusan Ulun geus ngarasa
ayana suasana kaislaman. Saperti milih nalika poe penerbitana anu dilakukeun
dina tanggal 18 November 1580, tepatna poe jum’at legi tanggal 10 Syawal 1580
Hijriyah. Peristiwa penobatan eta kacida pentingna, sabab lain ukur penobatan
biasa, tapi tujuana pikeun mere nyaho kabebasan Sumedang sabage panerus jeung
kakuasaan Pajajaran di Bumi Parahyangan. Sedengkeun mahkota jeung atribut
karajaan pajajaran mangrupakeun bukti jeung legalitas yen Sumedang panerus
Pajajaran.
Tina Raja Jadi Bupati Wedana
Ngeunaan data penyerahan Sumedang jadi
bawahan Mataram memang aya sababaraha versi, nyaeta kusabab perluna Geusan Ulun
berkoalisi pikeun ngahadepan Walanda
sarta Cirebon jeung Banten, atawa kusabab Suryadiwangsa ( putrana Geusan
Ulun ti Harisbaya) nyerahkeun tanpa perang ka Mataram tumali jeung kajadian
Madura.
Lamun bae nganut versi anu pertama, pastina
hese dipahaman, nginget nepi ka pupusna Geusan Ulun, dina 5 Novembar 1608 M
(1530 S) manehna masih bertindak saperti Raja anu merdika, nepi ka dina
kajadian Harisbaya, Sultan Agung ti Mataram menta ka Panembahan Ratu, Sultan
Cirebon pikeun nganggeuskeun perang jeung Geusan Ulun.
Ulun anu
nyerahkeun Sumedang ka Mataram tanpa sarat. Hal ieu aya kaitan posisi
Suryadiwangsa nu jadi Putra Harisbaya. Suryadiwangsa dikenal salaku panakluk
Sampang sacara damai. Sabab posisina salaku Putra Ratu Harisbaya anu masih
ngabogaan darah Madura. Didala Babad Pajajaran Suryadiwangsa dikenal oge salaku
Pangeran Seda (ing) Mataram.
Naskah sejen anu mungkin aya kaitana nyaeta
“Rucatan Sajarah Sumedang”. Naskah ieu nyaritakeun, Suryadiwangsa saking
bungahna naklukeun Sampang ngaliwatan
jalan kulawarga, manehna sempet nyarita ka Ranggagede, yen : “Sanggup naklukeun
Mataram”. Caritana ieu didenge ku Wangsanata, terus ngalaporkeun ka Sultan
Agung. Akibatna Suryadiwangsa dikeunaan hukuman pati. Sahingga masa panaklukan
Sampang ku pupusna Suryadiwangsa sarua, nyaeta taun 1546 Saka. Namung aya oge
carita sejena. Suryadiwangsa dianggap nolak nyerang Sampang, sabab teu rela
kudu nyanghareupan jeung kulawarga indungna. Tina panolakan eta nu saterusna
dikeunaan hukuman paeh.
Sumedang jadi dihandapeun kakuasaan Mataram
anu kajadiana dina mangsa Rangga Gempol (1620 M). Dina mangsa eta statusna
‘karajaan’ Sumedang dirubah jadi ‘Kabupatian Wedana’. Memang alesan Mataram
ngabogaan tujuan pikeun ngajadikeun wilayah Sumedang mangrupa wilayah
pertahanan Mataram tina serangan Banten jeung Walanda. Sultan Agung saterusna
mere parentah ka Rangga Gempol putra Geusan Ulun ti istri kahijina nyaeta Nyi
Gedeng Waru, jeung pasukana pikeun mingpin panyerangan ka Sampang Madura.
Sedengkeun pamarentahan pikeun samentara diserahkeun ka rayina nyaeta Dipati
Rangga Gede.
Budaya
jeung Basa Sunda Pasca Pajajaran
Ti saprak abad ka-16 saperti anu dijelaskeun
diluhur, masyarakat Sunda kaleungitan pusat kabudayaan, karek bangkit sakeudeung, saperti anu
dilegitimasikeun ka Geusan Ulun, namung ibarat kembang Wijaya Kusumah, kuncup
jeung sakeudeung mekar terus layu deui. Nu saterusna mangsa oge ngaganti, tatar
Sunda aya di handap Mataram. Wajar lamun urang Sunda kapengaruhan pisan ku
kabudayaan Jawa.
Pangaruh ieu teu bae dina tataran kasenian,
tapi oge administrasi pamarentahan jeung basana. Basa tulisan resmi ngagunakeun
basa Jawa sedengkeun basa lisan ngagunakeun basa Sunda. Teu bisa ngahindar, pangaruh budaya kana basa
Sunda masih kentel ngawarnaan nepi ka ayeuna, saperti ayana tingkatan
ngagunakeun basa. Parubahan saperti ieu ditegeskeun oge ku Widle, numutkeun
Widle (1829) basa anu digunakeun Ulama di Jawa Barat nyaeta basa local, malah
loba oge pamingpin local anu ngagunakeun aksara Arab. Hal anu sarua didugikeun
ku Edi S. Ekadjati, numuntkeun anjeuna (jaman harita) ditandaan ku lahirna
naskah-naskah nu berbasa jeung beraksara Jawa, ngagunakeun basa jeung aksara
Arab, sarta ngagunakeun basa Jawa jeung ngagunakeun aksara Pegon anu dimimiti
dina abad ka-17.
Pangaruh Mataram kana budaya Sunda katara
pisan, misalna dina kasusastraan Sunda anu berkembang sasuai estetika Jawa.
Saperti bentuk sajak dina wilayah panuturan basa Sunda disebut dangding, anu
diadaptasi tina tembang-tembang macapat. Disisi lain, meskipun pusat
pamarentahan pindah ka kabupaten-kabupaten, tapi masyarakat diluar tradisi
menak-priyayi Sunda, masih ngembangkeun tradisi anu teu aya dijero komunitas
sejen di Nusantara, saperti reportoar pantun-sajak nu bersuku kecap dalapan,
anu geus aya sajak ti baheula nepika ayeuna. Pantun biasa ditembangkeun jeung
dituturkeun ku para panutur pantun. Salian pantun oge aya tradisi tulis dina
daun lontar anu geus lila berkembang di daerah ieu.
Saprak kadatangana dina abad ka-17 ka Hindia
Walanda, urang Walanda nu saeutik pisan nyaho lamun Sunda ngabogaan Budaya
sorangan. Paradigm samacam ieu terus-terusan nepi ka abad ka-19. Satacan dina
taun 1811-1816, Raffles, Gubernur Inggris di Jawa ngadorong pikeun ngalakukeun
panalitian ngeunaan sajarah jeung kabudayaan local. Dina buku History of Java,
Raffles masih ngabingungkeun, Sunda eta dialek atawa basa anu mandiri, bahkan
nyebutkeun basa Sunda mangrupa varian tina basa Jawa. Bahkan aya oge anu nyebut
basa sunda mangrupab Basa Jawa gunung di beulah kulon.
Sunda Etnis Mandiri
Dina mangsa saterusna para cendekiawan
Walanda anu ngabogaan status pajabat pamarentah swasta jeung panginjil nimu
yeun Sunda mangrupa etnis sorangan. Pangaweruh etnografi ieu dibutuhkeun pisan,
paling henteu ge pikeun ngagampangkeun komunikasi antara walanda jeung pribumi.
Kajadian penemuan ieu ditunjang oge ku upaya pamarentah colonial nu gawe bareng
jeung para sarjana Walanda, ngabagi Nusantara kana wilayah budaya anu
beda-beda, antarana Jawa, Sunda, Madura. Masing-masing ku basa manehna
sorangan. Walanda pastina ngabogaan tujuan, sabab masing-masing wilayah ngabogaan
potensi alam anu beda. Saperti daerah Priangan penting pisan tina segi ekonomi,
sabab mangrupa panghasil kopi. Walanda ngadorong para elit local pikeun
ngajalankeun roda administrasina sorangan, sarta ngadorong pikeun belajar
pendidikan formal. Didieu para Bumiputera nyadar, yen memang aya perbedaan basa
jeung budaya diantara manehna.
Pada tahun 1829 M, Andries de Wilde, seorang
pengusaha perkebunan di Sukabumi melakukan studi etnografi tentang daerah
Priangan. Ia berpendapat bahwa bahasa sunda merupakan bahasa tersendiri.
Cuplikan pendapatnya, sebagai berikut :
Dina taun 1829 M Andries de Wilde, seorang
pangusaha perkebunan di Sukabumi ngalakukeun studi etnografi ngeunaan daerah
Priangan. Maneh berpendapat yen basa Sunda mangrupakeun basa sorangan.
Numutkeun pandapatna, sabage berikut :
Basa anu dituturkeun diwilayah ieu nyaeta
basa Sunda. Basa ieu beda jeung basa Jawa jeung Melayu. Namung aya loba
kecap-kecap anu laun-laun asup jeung nyokot tina dua basa anu disebut tukangan.
Aksara anu dipake para ulama nyaeta Arab, loba pamingpin local oge nyaho basa
eta, lamun teu ngagunakeun aksara eta, panduduk dina umumna ngagunakeun aksara
Jawa.
Saterusna dina revisi anu dilakukeun
dilakukeun dina taun 1830, manehna nghumpulkeun loba kecap-kecap sunda ngeunaan
pertanian, adat istiadat jeung islam. Hasil panalungtikana beuki negeskeun yen
Sunda teh etnis anu nyorangan.
Basana memang lajim disebut pertanda
bangsa-Basa Ciciren Bangsa(een volk).pendapat ieu dikemukakeun oge dina taun
1920-an ku Memed Sastrahadiprawira, saurang sarjana sunda. Manehna
ngungkapkeun:
“Basa teh anoe djadi loeloegoe, pangtetelana
djeung pangdjembarna tina sagala tanda-tanda noe ngabedakeun bangsa pada
bangsa. Lamoen sipatna roepa-roepa basa tea pada leungit, bedana bakat-bakatna
kabangsaan oge moesna. Lamoen ras kabangsaanana sowoeng, basana eta bangsa tea
oge lila-lila leungit”
Dina perkembangan anu saterusna, dikalangan
Sarjana Sunda anu dianggep cukup mangaruhan lain kana basa jeung etnisitas,
tapi kana kana budaya oge mangaruhan. Pandangan ieu nyatakeun yen: basa
mangrupakeun representasi, gambaran hiji kabudayaan ; jeung nangtukeun sarta
ngadukung etnisitas. Basa dianggep sabage pengusung terpenting tina hiji buda.
Basa sunda resmi diaku sabage basa anu
mandiri mulai dina tahun 1841, ditandaan ku diterbitkeuna kamus basa Sunda anu
mimiti(kamus basa Belanda-Melayu jeung Sunda). Kamus eta diterbitkeun di
Amsterdam, disusun ku Roorda, saurang sarjana basa Timur. Sedengkeun senarai
kosa kecap Sunda dikumpulkeun ku De Wilde. Saterusna Roorda membuat pernyataan:
Mimiti kamus ieu mangpaat, hususna supaya
bisa leuwih ngenal deukeut jeung basa nu sampe ka ayeuna pangaweruh urang
ngeunaan eta ukur saeutik sarta teu sampurna; basa eta dituturkeun diwilayah
Barat pulau Jawa, anu ku penduduk satempat disebut Sunda atawa Sundalanden, anu
beda ti basa di wilayah pulau timur pulau eta; basa eta kacida bedana jeung anu
pantes disebut basa jawa jeung basa melayu nyaeta basa anu digunakeun ku jalma
asing di kepulauan Hindia Timur
Dumasar kana khasanah naskah Sunda anu
berhasil di data ku Edi S Ekadjati spk (1988), dikemukakeun, dina abad ka 19
mangrupakeun masa peralihan nkahirupan Naskah Sunda nyaeta ti massa transisi
anu ditandaan ku lahirna naskah-naskah ngagunakeun basa jeung aksara Jawa,basa
jeung aksara Arab, sarta ngagunakeun basa jawa aksara pegon anu dimimitian dina
abad ka 17 kemasan anyar anu ditandaan ku lahirna naskah-naskah sunda
ngagunakeun aksara cacarakan, pegon, jeung latin anu dimulai dina pertengahan
abad ka 19.dina jaman harita geus aya panulis jeung pangarang Sunda kamashur.
Saperti Raden Haji Muhammad Saleh jeung Raden Haji Muhammad Musa.
Komentar
Posting Komentar