NGAREGEPKEUN
NGAREGEPKEUN
A. TUJUAN PEMBELAJARAN
Mahasiswa mibanda pangaweruh
anu jugala ngeunaan
ngaregepkeun dina basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Tujuan
husus anu kudu kahontal tina
ieu
pangajaran, nya
eta
mahasiswa
mampuh:
(1) ngécéskeun wangenan ngaregepkeun,
(2) ngécéskeun fungsi jeung mangpaat ngaregepkeun,
(3) ngécéskeun tahap-tahap ngaregepkeun,
(4) ngécéskeun warna ngaregepkeun, jeung
(5) ngécéskeun ambahan bahan ajar ngaregepkeun.
B.
AMBAHAN BAHAN AJAR
Bahan ajar anu bakal dipidangkeun
dina ieu lawungan atawa
pajemuhan patali
jeung
tilu
perkara kayaning
:
(1) wangenan ngaregepkeun,
(2) fungsi
jeung mangpaat ngaregepkeun,
(3) tahap-tahap ngaregepkeun,
(4) warna ngaregepkeun, jeung
(5) ambahan bahan
ajar ngaregepkeun.
Wincikan tiap-tiap bahan ajar dibabarkeun di handap ieu.
1. Wangenan Ngaregepkeun
Kagiatan
ngaregepkeun mangrupa salahsahiji tina opat aspék
(caturtunggal) kaparigelan makéna basa. Dina harti
sapopoé, kagiatan ngaregepkeun
téh aya kalana sok dipacorokeun jeung kagiatan ngadéngékeun. Tapi mun seug dilelekan, tétéla aya bédana antara
ngadéngé jeung ngaregepkeun téh. Hartina lamun ngadéngé mah can
tangtu ngaregepkeun, sedengkéun ari ngaregepkeun mah
tangtu baé kudu
ngadéngé éta sora.
Istilah ngadéngé
(mendengar, hearing) sok dianggap ukur prosés
fisiologis, ti
mimiti datangna gelombang sora anu engkéna
ngeundeurkeun
kekendangan, anu
disebut vibrasi. Ieu vibrasi téh diteruskeun ku tulang-tulang lalembut anu aya dina ceuli bagéan tengah tur diteruskeun kana ceuli bagéan jero, atawa kohléa (cochlea). Satuluyna
vibrasi dirobah kana saraf pangrungu
sarta ngahuluwotan kana uteuk.
Uteuk sacara otomatis bakal apaleun yén anu datang téh sora tur ieu prosés téh lumangsungna lain karana usaha. Ku lantaran otomatis téa, nya
sok aya kalana éta sora téh teu bisa dieureunan. Nu antukna lamun pareng
embung ngadéngé, tangtu waé kudu meungpeukan ceuli. Ngadéngékeun béda deui jeung kagiatan ngaregepkeun (menyimak, listening). Ngaregepkeun mah mangrupa prosés
atawa aktivitas kamahéran basa anu kompléks. Pangna disebut kompléks téh sabab teu kalis ku ngadéngé sorana wungkul tapi ogé meredih konséntrasi anu daria deuih. Tanpa konséntrasi
anu daria, pamohalan urang bisa
maham eusi wacana regepan kalawan hadé. Sajeroning lumangsungna
prosés ngaregepkeun, kagiatan mental
urang (paregep) téh bakal aktip
milih atawa ngajén informasi
anu pinilih. Ku kituna, paraahli pangajaran
ngaregepkeun sapuk tur sapamadegan yén
ngaregepkeun
téh
mangrupa kagiatan anu sipatna reséptif aktif.
Jadi, tétéla ngaregepkeun
téh lain prosés anu gampang. Lantaran dina emprona
teu sakabéh jalma
atawa siswa bisa jeung mampuh ngaregepkeun kalayan hadé. Lian ti
éta, ngaregepkeun ogé raket patalina jeung pasipatan sopan atawa henteuna hiji jalma. Sopan henteuna hiji
jalma kadangkala bisa katitén, naha éta jalma boga sikep ngaregepkeun
anu hadé atawa henteu. Jadi, kamahér ngaregepkeun téh gumulung jeung tatakrama sopan santun sarta ajén intéléktual paregepna.
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, ngaregepkeun asalna tina kecap
regep
nu hartina
ngabandungan
enya-enya.
Ku kituna,
ngaregepkeun mah lain ukur ngadéngékeun sora atawa
caritaan, tapi
mangrupa hiji
kagiatan anu ngandung maksud pikeun meunangkeun eusi katut maksud caritaan.
Ilaharna ari ngaregepkeun mah sok ti kadeukeutan, sangkan sora
atawa caritaan téh kadéngé kalawan écés tur jéntré. Ku lantaran ngandung
tujuan pikeun meunangkeun hasil tina sora nu kadéngé. Tegesna,
ngaregepkeun téh lain sakadar ngarti
kana sora nu kadéngéna wungkul, tapi kudu
bari jeung nyangkem kana eusi nu didéngékeunana. Ku kituna,
ngaregepkeun kudu daria sarta dipigawé ti
kadeukeutan, sabab pikeun
nangkep informasi anu leuwih hadé mah kudu bari dibantu ku indra séjén,
kayaning paninggal jeung sikep dina mangsa ngaregepkeun.
Aya tilu kamampuh anu baris ngawarnaan
prosés ngaregepkeun,
nya éta:
a)
kamampuh museurkeun panitén,
b)
kamampuh linguistik, jeung
c) kamampuh ngajén atawa vérifikasi.
Prosés nu kahiji, kamampuh museurkeun
panitén téh kacida gedé gunana geusan ngaidéntifikasi sora- sora
basa. Ari nu kadua, kamampuh linguistik gunana pikeun maham;
sedengkeun nu katilu kamampuh ngajén atawa vérifikasi gunana pikeun
nyieun tinimbangan, nguji sarta matalikeun harti kecap, kalimah, jeung pangalaman batiniah mangsa lawas
paregep.
Tina éta kagiatan
téh
aya opat tahapan ngaregepkeun, nya éta:
a) tahapan mireng,
b) tahapan
maham,
c) tahapan ngajén, jeung
d) tahapan ngaréaksi.
Dina
tahapan
mireng, aktivitas
ngaregepkeun téh lumangsung
kalawan
teu dihaja, anu sipatna insidental. Lamun tahapan maham, lumangsungna kagiatan ngaregepkeun
téh
mangrupa aktivitas (prosés) narjamahkeun (interprétasi atawa persépsi). Pemahaman atawa persépsi
téh
bisa kacangking ku cara ngawasa kekecapan (babaran
kecap) jeung
kalimah; nu di jerona
ngawengku:
cara nyarita, sora basa, randegan,
pasemon, tempat, jeung ka saha-sahana éta informasi téh tinujuna. Ari
tahapan ngajén (vérifikasi) mah mangrupa kagiatan ngajén informasi ku
pirang-pirang data atawa bukti anu luyu
atawa henteuna
jeung pangalaman
paregep.
Tahapan ngaréaksi
lumangsungna mangrupa
réspon, sikep,
pasemon jeung aktivitas ragawi,
kayaning:
nyatujuan,
nolak, gogodeg, méré semu, atawa milampah hal-hal
anu perlu sabada
ngaregepkeun anu luyu jeung persépsina.
Dumasar kana pedaran
di
luhur, urang bisa nyindekkeun yén
ngaregepkeun téh mangrupa kagiatan anu kompléks nu sifatna reséptif aktif, meredih konséntrasi
anu daria, interprétasi, persépsi, aprésiasi,
évaluasi jeung réaksi. Lian ti éta, prosés ngaregepkeun ogé meredih kamampuh linguistik, cara
ngaregepkeun anu
éféktif, sarta
kasayagaan méntal jeung fisik anu prima.
1. Fungsi
jeung Mangpaat Ngaregepkeun
Maksud atawa
tujuan ngaregepkeun bisa
rupa-rupa, gumantung kana sipat
jeung
kaayaan.
Upama
dipasing-pasing mah fungsi atawa
mangpaat ngaregepkeun téh bisa digolongkeun jadi lima rupa:
a) nyangkem informasi;
b) ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu hadé;
c) sangkan bisa ‘ngaréspon’ anu leuwih merenah kana naon anu
kadéngé;
d)
pikeun hubungan éféktif jeung papada jalma; jeung
e)
nangkep eusi atawa caritaan, dina hubungan prosés
diajar.
Tegesna, ngaregepkeun téh mangrupa métode pikeun nangkep informasi jeung ma’na tina pangalaman
pangrungu.
Pikeun
nangkep atawa ngumpulkeun informasi atawa ngaregepkeun anu hadé, bisa
dipangaruhan ku tilu aspék, nya eta (1) persépsi, (2) intelegensi, jeung (3)
mikir.
Nu dimaksud persépsi téh mangrupa fisiologis jeung psikologis
dina ningkesna wincikan-wincikan anu patalina tina data.
Ari intelegensi
mangrupa kamampuh
nangkep
eusi. Gancang atawa
kendorna dina nangkep eusi
carita bisa gumantung kana intelegénsi. Upama jalma nu punjul intelegénsina baris mampuh
pikeun
matalikeun data nu katangkep jeung data anu geus dipibanda, sarta mampuh nyieun analisis
pikeun nyokot hiji kacindekan.
Lebah aspék mikir
sok dipatalikeun jeung pasualan ngaidéntifikasi. Waktu
nangkep
informasi dina ngaregepkeun,
pikiran
téh
sok muter, mulak-malik ingétan kana sakumna data anu
geus
nyampak. Satutas pikiran téh jalan, tuluy éta data anyar téh diolah tur dipatalikeun jeung data heubeul. Tina éta prosés téh
tuluy jadi ngarti
sarta baris jadi data anyar hasil tina patalina data nu katangkep jeung data anu geus nyampak.
2. Tahap-Tahap Prosés
Ngaregepkeun
Ditilik tina tahap-tahapna, prosés ngaregepkeun téh bisa dibagi jadi sababaraha tahap, nya éta:
a)
misah-misahkeun:
sakur nu katangkep dina ngaregepkeun diserep sarupa-sarupa; kecap-kecap, gagasan, fakta, susunan jsté.
b)
idéntifikasi: sakur nu kawilang istiméwa dina hasil ngaregepkeun,
satutas
nginget-nginget deui tuluy dihartikeun atawa diidéntifikasi.
c)
ngaranjing-ranjing:
sakur nu katangkep dina
waktu ngaregepkeun,
diranjingkeun
jeung informasi
séjén
nu geus nyampak. Ku lantaran
kitu, pangaweruh nu nyampak pohara pentingna.
d) ngabanding-banding: informasi nu katangkep
dibanding-banding
jeung pangaweruh
anu geus kapimilik. Lamun informasi
anyar ngadeudeul kana informasi heubeul papahaman ti heula, prosésna bakal gancang. Tapi lamun henteu
luyu, tuluy dipilih informasi
mana nu leuwih keuna atawa leuwih hadé.
e)
nafsiran: aktif ngépaluasi sakur anu katarima jeung ti mana asalna;
nimbang-nimbang pikeun nolak atawa narima.
f)
nyarungsum: ngalengkepan atawa ngeusian wincikan poko-poko pedaran ku data atawa gagasan anu sipatna nandeskeun, tina
kabeungharan pangaweruh urang sorangan.
g) introspéksi; sajeroning mulak-malik
jeung
ngabanding-banding informasi téa, sarta nyoba dilarapkeun kana kaayaan diri sorangan.
Tina pedaran di luhur tétéla yén ngaregepkeun téh lain paripolah pasif, tapi mangrupa kagiatan anu mibutuh prosés (aktivitas) anu daria
atawa saregep.
Faktor-faktor anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, saeutikna aya lima rupa:
a)
tangtungan (sikep, attitude); leuwih saregep ngabandungan jejer
pedaran anu tetep jeung diri urang. Dina lebah teu cocog atawa teu panujuna,
biasana sok ngolémbar. Komo deui
upama papalingpang.
b)
motivasi, karep:
sajeroning ngaregepkeun
téh
dibarengan
ku sistem nilai (ajén inajén) urang sorangan. Upama tétéla loba
pulunganeun, ngaregepkeun téh biasana
sok
jadi saregep.
Sabalikna upama haté teu méréan, pédah
taya pulunganeunana aya kalana sok leungit sumanget jeung leungiteun karep.
c)
pribadi (personality); hartina diri
urang sorangan kacida
mangaruhanana kana
peran ngaregepkeun. Lamun urang kagolong kana jalma nu sok resep silih pairan
pamanggih, tenget, jeung boga
sifat resep nganalisis, biasana dina prakna ngaregepkeun
téh bakal papalingpang jeung jalma anu boga sipat sabalikna.
d) kaayaan (life
situation); kaayaan sabudeureun
riungan, bakal
mangaruhan
kana
hasil
ngaregepkeun.
Tegesna,
ngabandungan
dina situasi tengtrem bakal leuwih beubeunangan ti batan dina
kaayaan nu loba gangguan, boh
gangguan sora séjén
boh
katingtriman patempatan.
e)
Kabisaaan (habitual):
ngaregepkeun ku pangjurung kabisaaan
atawa pagawéan
bakal leuwih
luhur ajénna. Umpama baé mahasiswa
lantaran geus
biasa téa, tangtu bakal
leuwih
luhur ajénna.
Ngaregepkeun dina pangajaran basa kaasup kana salahsahiji
kaparigelan makéna basa. Pikeun nyangking
jeung
murba kana
kaparigelan ngaregepkeun tangtu baé perlu diulik, dilatih jeung dibiasakeun. Atuh pikeun ngaronjatkeun kamampuh atawa kaparigelan ngaregepkeun, kawilang perlu niténan padika-padika ieu di handap:
a) daék mekarkeun karep jeung pangaresep ngaregepkeun;
b) daék
ngaronjatkeun
kabisaaan ngabandungan
kalawan
saregep, bari dibantuan ku panca indera séjénna;
c) kudu
daék numplekkeun perhatian sagemblengna;
d)
ulah gancang nyokot kacindekkan saméméh pedaran anggeus;
e) kudu
nengetan eusi jeung gagasan anu dipedar;
f) kudu
ngagunakeun kamampuh mikir, pikeun neguh pedaran
satuluyna;
g) kudu ngagunakeun
lolongkrang
waktu
pikeun
ningkeskeun
pedaran.
3. Warna Ngaregepkeun
Ngaregepkeun téh aya
sabaraha rupa, gumantung kana kriteria
papasinganana. Dumasar kana tujuan jeung jero-déétna bahan regepan,
aya
dua rupa ngaregepkeun nya
éta:
1) ngaregepkeun inténsif jeung
2) ngaregepkeun éksténsif.
Dina pangajaran
basa, ngaregepkeun intensif jeung éksténsif kawilang utama fungsina téh.
Ngaregepkeun inténsif
nya éta ngaregepkeun nu salawasna aya
dina panalingaan
guru. Panalingaan téh bisa mangrupa aktivitas guru enggoning nuyun siswa dina kagiatan
maham, nyieun kacindekan,
mairan, nyaritakeun deui eusi regepan. Atawa mangrupa panuyun ti guru
ka siswa dina enggoning milampah hal-hal anu kawilang perlu sabada mireng jeung ngaregepkeun wacana regepan.
Demi ngaregepkeun éksténsif nya éta aktivitas ngaregepkeun nu aya patalina
jeung hal-hal nu leuwih umum, teu kauger ku hal-hal nu ngawatesanan kana hiji pedaran. Ngaregepkeun éksténsif lumangsung
tanpa panuyun ti guru; biasana mangrupa kagiatan aplikatif. Aktivitas ngaregepkeun biasana matalikeun
pangalaman-pangalaman batiniah;
pangalaman mangsa lawas
téh
jadi bahan
pikeun
ngawewegan
pamadegan anu geus nyampak dina batin paregep.
4. Bahan Ajar Ngaregepkeun
a.
Kriteria Milih Bahan Pangajaran Ngaregepkeun
Bahan pembelajaran ngaregepkeun téh kudu mangrupa wacana ngaregepkeun, anu
eusina kudu winangun kajian informasi anu
diwadahan ku téma pembelajaran. Eusi wacana ngaregepkeun bisa dijieun jadi bahan kajian babaran kecap, gaya basa, jeung struktur anu luyu dumasar kana psikologi perkembangan anak (tujuan program). Ku kituna,
para guru basa Sunda boh di
SD boh
di MI diperedih
pisan
wanoh kana kriteria milih bahan (wacana) anu hadé.
Ieu di
handap
baris
dipidangkeun
kritéria
milih bahan
pembelajaran ngaregepkeun di SD,
kayaning:
(1) Relevensi jeung KSK
2004 anu ngawengku:
(a) Standar Kompetensi,
(b) Kompetensi
Dasar,
(c) Indikator, jeung
(d) Materi Poko.
(2) Eusi wacana,
anu
ngawengku:
tuladaneun, jauh tina sora, relevan
jeung kamampuh
siswa, jeung ngawewegan ajen/norma kahirupan.
(3) Basa wacana anu ngawengku
(a) ejahan
nu
bener tur diksina nu
merenah,
(b) adegan
kecap jeung kalimahna baku, jeung
(c) komunikatif.
(4)
Adegan wacana
anu
ngawengku:
(a) panutup,
(b) hubungan antarbagian jeung
antarparagraf kohéren, jeung
(c) ulah panjang teuing
b. Ambahan jeung Prinsip Nyusun Materi Poko
Pikeun nangtukeun
legana ambahan
téma ngaregepkeun téh
gumantung kana kalungguhan (téma) wacana ngaregepkeun. Ari téma téh mangrupa dasar pedaran anu ngajiwaan sakumna aktivitas
pangajaran.
Maksudna taya lian sangkan situasi pangajaran téh karasa hegar (hirup).
Kumaha
patalina
antara téma
jeung
kamaheran basa, utamana kamaheran ngaregepkeun? Lamun téma mangrupa dasar sakabeh pedaran,
tangtu baé kamaheran basa (ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis) kudu mangrupa sarana
atawa tempat anu ngawadahan téma. Tegesna mah,
wacana ngaregepkeun téh salawasna
kudu luyu jeung
téma anu
diperedih ku kurikulum.
Dina
nyusun bahan pembelajaran
ngaregepkeun
téh
aya
dua gundukan, nya éta a) tématis, jeung b) aspéktual.
(a) Pembelajaran Ngaregepkeun Tématis
Pembelajaran
ngaregepkeun tématis nya
éta
pembelajaran
(wacana) anu objek pembelajaranana lain aspék kabasaan, tapi
mangrupa téma (jejer) dina peristiwa komunikatif anu ngagambarkeun aspék: sosialisasi, intelektual, emosional, informasi
faktual, ngarengsekeun
masalah, jeung aspék moral.
Jungkrunganana
mangrupa
kamampuh
nyerep gagasan, pamanggih, pangalaman, pesen (amanat) jeung rasa anu dilisankeun atawa ditulis
tina pirang-pirang sumber.
(b) Pembelajaran Ngaregepkeun Aspéktual
Pembelajaran ngaregepkeun aspéktual
nya éta ngaregepkeun anu
objek pembelajaranana mangrupa aspék kabasaan atawa kasastraan. Kalungguhanana biasana mangrupa subtopik.
Umumna mangrupa bagian
tina aktivitas pembelajaran apresiasi sastra. Strategi pembelajaranana nya
éta
mangrupa
strategi ngaregepkeun sastra. Najan
kitu, pilihan bahan
pangajaran ngaregepkeun apresiasi sastra bisa dipatalikeun jeung téma, bisa oge henteu. Kumaha cara nyusun wacana ngaregepkeun
dumasar Standar
Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs,
SMA/SMK/MA, péréléanana bisa dititénan ieu
di
handap.
1)
Tangtukeun heula téma pembelajaranana
2)
Mekarkeun téma jadi sababaraha anak téma atawa subtéma
3)
Pilih salah sahiji anak téma atawa subtéma
4)
Mekarkeun subtéma jadi sababaraha topik atawa judul
5)
Pilih salahsahiji judul téma atawa judul wacana jadi rangkay wacana (bubuka-eusi-panutup).
6)
Wincik deui rarancang wacana
7)
Mekarkeun bagian rarancang wacana jadi paragraf wacana
8)
Padukeun bagian-bagian wacana jadi hiji
9)
Kaji ulang draft wacana
10) Laksanakeun revisi kana wacana nu dianggap can nyumponan sarat
11) Gandakeun wacana anu luyu jeung kaperluan.
C. RANGKUMAN
Ngaregepkeun
téh
mangrupa kagiatan anu kompléks nu sifatna reséptif aktif, meredih konséntrasi anu daria, interprétasi,
persépsi,
aprésiasi,
évaluasi jeung réaksi. Lian ti éta,
prosés ngaregepkeun ogé
meredih
kamampuh linguistik, cara ngaregepkeun
anu
éféktif, sarta kasayagaan méntal jeung fisik anu prima.
Fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun téh bisa digolongkeun jadi
lima rupa:
(a) nyangkem informasi;
(b) ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu hadé;
(c) sangkan bisa ‘ngaréspon’ anu leuwih merenah kana naon anu
kadéngé; jeung
(d) pikeun hubungan éféktif jeung papada jalma; jeung nangkep eusi
atawa caritaan, dina hubungan prosés
diajar.
Komentar
Posting Komentar